CARITA PAJAJARAN NGADEG DEUI


Hayu urang ngaronjatkeun deui kabudayaan luluhur bangsa, carita sunda pulou nyawa, urang ngajalankeun etika jeung estetika, mipit amit ngala menta , nyaeta kudu sukuran ngabogaan rasa hormat, nu disebut munjung ka indung muja ka bapa, nyembah ka nu kawasa, hormat ka para sesepuh luluhur bangsa. Tanah pasundan hususna Borojol ieu mangrupakeun hiji wadah , eusina mawa carita nangtungkeun deui sajarah karajaan kawalian nu dipayungan ku Pajajaran.
Tah ieu nu disebut pajajaran ngadeg deui, sama rata sama rasa ngajajar euweuh nu luhur euweuh nu handap, rata,,,, silih elingan,,,, silih seungitan, ngemban hiji konsep ti sesepuh luluhur sesepuh bangsa, ngahijikeun rasa nya urang-urang ieu meureun nu dipercaya ,, nya meureun kudu bias ngigelana, teu bias ngigelana bakal kena Dam, cekel ku maraneh Elmu Ratu ieu, sabab urang ulah neupikeun poho ka diri, lali kana ka ayaan,,,, mawa carita ieu mah ulah leupas tina patokan nu disebut etika jeung estetika,, gambaran hiji trisula, nu disebut,,, sare’at,,,, tarekat,,,, hakekat.
Ari sare’at da urang nu boga kahayang meureun kudu neangan sare’at,,, ari tarekat meureun carana,,,, kudu kumaha urang te’h carana ? carana tah nu disebut mipit kudu amit ngala kudu menta, munjung ka indung muja ka bapa , nyembah ka nu kawasa, hormat ka para sesepuh luluhur bangsa, nya urang kudu sukuran.
Ari hakekat,,, Allah anu kagungan, asal urang yakin tur percaya , lurus jeung kudu ngabogaan hate emas,,,, tah eta anu ku sesepuh nu disebut emas-emas te’h, kudu aya na dina diri urang, karak dibikeun eta hakekat te’h,,,,
Tah didinya maneh nyekel hiji buku anyar, eusi ku maneh ku tinta koneng lambing hiji ka agungan , jieun carita nu merenah , saluyu jeung konsep sesepuh,,, ulah poho dangdanan heula diri maneh tuluy rawat sing rapih, terus urang ngaca, enggeus bener encan urang ? urang kudu bias ngukur ka kujur nimbang kaayaan,,, sabab urang bakal jadi conto,, tah ti dinya urang kudu ngarti nu disebut sama rata, sama rasa, silih elingan ,. Silih seungitan,,, supaya urang sadar, urang te’h manusa biasa.
Ieu mangrupakeun hiji pepeling, supaya urang buru-buru eling sabab manusa mah loba keneh ambisi, di bibita ku harta banda, poho kadiri,,, para luluhur urang ngelingan pake heula elmuna, adat kabudayaana, nu disebut etika jeung estetika, tapi maraneh teu percaya, embung ngajalankeuna bari jeung teu boga rasa hormat ka sesepuh luluhur bangsa, carita pajajaran ngadeg deui, ngageuingkeun ngajak ka manusa eling, geura piceun eta nafsu anu haus harta banda, teu bias mawana bakal cilaka sangsara ahirna, ulah ngarasa ieuh aing pangbenerna,,, pan geus aya pepeling ti samemehna eling-eling mangka eling rumingkang di bumi alam, darma wawayangan bae lamun kasasar nya lampah napsu nu matak kaduhung, badan nu katempuhan,,,,,,,,,,,,,,, leunyepan hartikeun eta pepeling, sok atuh ayeuna mah geura jaralankeun kabudayaan sesepuh urang te’h, ngalobakeun sukuran bari pake etika jeung estetika na munjung ka indung muja ka bapa, nyembah ka nu kawasa, hormat ka para sesepuh luluhur bangsa, hiji patokan pikeun kahirupan urang, lamun urang boga rasa rumasa, urang te’h salaku abdi nagara,, hayu urang babarengan ngamumule adat kabudayaanluluhur bangsa, urang kibarkeun deui merah putih, di bumi pertiwi, geura terapkeun elmu kamamnusaan dina diri urang , ucap lampah paripolah kudu jadi conto pikeun sasama,,, ti mulai ayeuna hayu urang babarengan ngabdikeun diri ka umat, bangsa , nagara jeung agama,, ngawujudkeun cita-cita para luluhur, ngawangun nagara subur makmur repeh rapih, salaku abdi nagara rela ngorbankeun kapentingan pribadi ngajungjung kapentingan umum, sabab urang te’h manusa kudu jadi manusa, asal ti Allah kudu balik ka Allah, ngarti ngalakonan sajati ning hirup elmu kamanusaaan, sabab manusa teu leupas ti kodrat, anu geus digariskeun ti dituna, urang mah manusa biasa saukur darama ngalakonan.
Patokan kahirupan, mawa carita ieu kudu berbudi luhur, jujur adil, iklas, bijaksana, rasa welas asih ka sasama, teu ngabeda-beda suku bangsa, golongan, agama, kasta, bahasa, sakabeh nu aya di jagat raya eta dulur urang........ Jst

0 comments:

Post a Comment

Theme images by andynwt. Powered by Blogger.
 

© Jakapitana, All Rights Reserved
Design by Dzignine and Conceptual photography